Rabu, 17 Agustus 2011

PAPARIKAN & RARAKITAN


di Handap ieu, nyaeta contoh paragrap "Paparikan jeung Rarakitan" nu ngenaan kana tema Agama sarta pendidikan :

Contoh PAPARIKAN

Agama
ninyuh ubar ku cipati
diwadahan piring gelas
anu sabar éta pasti
ku Allah dipikawelas

Pendidikan
Baju kutud heureut pola
dikelin teu dijalujur
Mun teu cucud ti sakola
arisin balik ka lembur

Contoh RARAKITAN

Agama
 meuli wajit jeung jawadah
kapaké hajat kiparat
masing rajin nya ibadah
kapaké dunya akhérat

Pendidikan
Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cépot jeung Garéng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goréng

Tidak ada komentar:

Posting Komentar